Jisim abdi ngayakinkeun
Yen Junjunan leres pisan
Tina Sakur persoalan
Eta datang ti pangeran
Khususna masalah Qur'an
Rejeng hadist na Junjunan
Jisim abdi ngayakinkeun
Jauh Tina ka mangmangan
Nu kie keur dikieukeun
Nu kitu keu di Kitu keun
Lain kieu ku sorangan
Lain Kitu ku sorangan
Eta Kabeh ngalapangan
Henteu gaduh kakiatan
Kakiatan nu nyorangan
Nyatana ti Dzat Pangeran
Lamun hirup hayang Hurip
Sing puguh anu di harep
Masing cicing Dina Hurup
Mangkade bisi ka heurap
Kersa teh lain parentah
Kabagi opat bagian
Diparentah di kersakeun
Cara iman Abu Bakar
Diparentah teu di kersakeun
Cara iman Abu Jahal
Teu di parentah di kersakeun
Cara kafir Abu Jahal
Teu di parentah teu di kersakeun
Cara kafir Abu Bakar
Eta Kabeh nganyontoan
Kana kersa na Pangeran
Tidak ada komentar:
Posting Komentar